Jumat, 28 Februari 2014

Carita Pondok



Wangenan Carpon

Carita pondok (Carpon) sacara etimologi asal  kecap tina bahasa Inggris, short story. Kaasup kana karya sastra sampeuran. Gelar na dina hasanah sastra Sunda minangka hasil pangaruh kasusastraan Eropa.
Luyu jeung ngaranna, carita pondok téh nyaéta karangan fiksi anu pondok, leuwih pondok tinimang novel jeung novelet. Ku sabab pondok, teu loba nu dicaritakeun, biasana ukur hiji-dua kajadian, tokohna ogé teu réa. Malah teu saeutik Carpon nu tokohna ukur sorangan sarta nyaritakeun hiji kajadian kalawan tempat kajadianana ogé ngan satempat. Sabenerna ukuran pondok panjang téh relative. Sababaraha carpon karangan Ahmad Bakri, aya nu panjangna dua-tilu kalieun nu biasa. Contona carpon “Siwi Gunungjati Seweu Pajajaran. Tapi upama nénjo unsur-unsur atawa cirri-cirina, masih kénéh kagolongkeun kana carita pondok. Keur ngagampangkeun, nudisebut carpon rata-rata lamun dibaca cukup ku satengah jam, tampolana kurang. Upama dimuat dina majalah, antara 3 nepi ka 10 kaca, sedengkeun lamun dimuat dina Koran tara leuwih ti sakaca.
Carpon mimiti medal dina jagat sastra Sunda sabada Bale Pustaka nerbitkeun Majalah Parahiangan dina taun 1929. Buku kumpulan carpon munggaran genep taun leuwih ti heula tibatan buku kumpulan cerpen dina sastra Indonesia. Dogdog Pangréwong karangan GS dina taun 1930 mangrupa kumpulan carpon munggaran dina hasanah sastra Sunda. Carpon jadi primadona pangpangna sabada kamerdikaan. Hal éta lantaran loba medalna majalah dina Basa Sunda, diantarana; Majalah Warga, Candra, wangsit, Pitaloka, Pelet, Sunda, Hanjuang. Kiwari, Sipatahunan, Kujang, Mangle, jsb. Para pangarang kawentar carpon; GS, RAF, Rusman Sutiasumarga, Ayat Rohaedi, Ahmad Bakri, Aam Amilia, Godi Suwarna, Tatang Sumarsono, Budi Rahayu Tamsah, Jsb.
Papasingan Carpon
1.       Carpon Biasa
Carpon nu dijieun dumasar kana aturan-aturan nu geus ilahar
2.       Carpon Absurd
Carpon nu unsur-unsur caritana henteu napak dina realitas sarta teu pati gugon kana aturan-aturan carpon.
3.       Carpon Liris
Ngaharib jeung carpon biasa, bédana tina gaya basa. Dina carpon liris mah, basa nu digunakeun éstu pinilih pisan, diutamakeun bas anu ngandung mamanis jeung murwakanti.
4.       Carpon Humoris
Carpon nu ngandunr unsur pikaseurieun.
Unsur-unsur Carpon
1.       Tema
Puseur implengan pangarang.
2.       Galur
Tehnik pangarag dina ngokolakeun jalanna carita. Aya galur mobok tengah jeung tiheula pandeuri (flash back)
3.       Palaku
Nu ngalalakon dina carita. Biasana aya nu disebut protagonis (lalakon), aya ogé antagonis (jahat)
4.       Latar
Kaayaan nu aya dina carpon. Bisa kaayaan tempat, kasang tukang palaku, atawa situasi lahir/batin si palaku.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar